Rabu, 22 Desember 2010

seni reak browwwwwwww...................

SENI REAK



Loading ... Loading ...
Seni Reak ngarupakeun hiji kasenian nu ngawinkeun seni tradisional seni reog, angklung, kendang pencak, seni tari jeung seni topeng.  Kasenian ieu biasana sok dimaenkeun ku kolot kolot atawa seniman anu geus darewasa.  Asal usulna, seni reak diciptakeun sangkan narik simpati barudak nu can di sunatan.  Hal nu prinsip dina pintonan nyaeta ramena pintonan sangkan loba jalma nu ngalalajoan utamana barudak leutik. Kuhal eta paduan sababaraha jenis kasenian ngabogaan pangaruh sangkan pintonan seni reak meriah.
Seni reak asalna ti Sumedang nu nyebar ka unggal kabupaten di tatar sunda, nyaeta asalna ti wewengkon rancakalong. Ti Sumedang dibawa kun u ngumbara ngadon dagang ka unggal daerah dina tahun 1958.  malah di desa Rahong Kacamatan Cilaku Cianjur mah anu kalolobaanana warga asal Sumedang masih keneh miara kasenian ieu.
Nurutkeun Sajarahna Seni Reak lahir dina abad ke-12 dimana mangsa  Prabu Kiansantang, putera Prabu Siliwangi  menyebarkeun agama Islam di Pulau Jawa, khususnya Jawa Barat. Sakumaha papagon agama islam, sakur lalaki wajib di sunatan, padahal jaman harita barudak sarieuneun mun rek disunatan.  para sesepuh di Sumedang mikiran kumaha carana sangkan budak kahibur teu ngarasa sieun mun seug di sunatan, nya diciptakeun hiji cara ku seni  “Seni Reak”.
Kesenian Reak ini mangrupa helaran nu ngabogaan jumlah pamaen seni antara 20 nepi ka 30 urang. Kalawan masing masing mancen tugas nyekel waditra sewang sewangan.  4 orang pemegang alat reog, 4 orang pemegang kendang penca, 10 orang pemegang angklung, 2 orang penari topeng, 6 orang penari, jeung sesana nyekel  kecrek
Waditra didigunakeun dina Seni reak diantarana Dogdog dibuat dari kayu dan kulit,  Angklung dari bambu,  Gendang dijieun tina kai jeung kulit,    Gong tina beusi atawa perunggu,  Tarompet dari kai dan tempurung,   Topeng tina kertas karton jeung kaen

















Tidak ada komentar:

Posting Komentar